Saha ari Urang Sunda ? February 13
Meunang nyutat tina Roisz’s Ramatloka
1. UPAMA DIRINA NGARASA JADI URANG SUNDA
Hiji jelema kakara boga rasa jadi urang Sunda, lamun inyana ngarasa yakin yen jiwana, hirup-huripna, lahir batinna, komo jeung turunan ti indung-bapana pituin urang Sunda. Pikeun miboga RASA jadi urang Sunda, nya kudu hirup di lingkungan anu NYUNDA (mibanda karakter Sunda), ngomong sapopoe basa Sunda, etika jeung etiket, budipekertina Nyunda, konsep hirupna (Visi jeung Misina) nangtung dina tatapakan Sunda. Jeung sauumur salawasna bajoang pikeun nanjeurkeun ajen inajen jeung perilaku anu Nyunda. Ngan anu sok dipikahariwang teh nyaeta lamun jadi Sunda anu heureut deuleu pondok lengkah, heureut ku sateukteuk, kurung batok. Nu kieu bakal jadi Sunda eklusif, tegesna bisa tigebrus kana etnosentris anu heureut, Jingoisme, Ubber Alls (ngarasa diri jadi seler bangsa anu pangunggulna).
Karuhun Sunda geus mapagahan yen ulah jadi SUNDA ANU SARUBAK JAMANG, tapi kudu
SUNDA ANU ANU SAAMPAR JAGAT
(Jamang=baju).
2. UPAMA KU BATUR DISEBUT YEN MANEHNA TEH URANG SUNDA
…
3. UPAMA INDUNG BAPANA PITUIN URANG SUNDA
…
4. UPAMA JELEMA ANU SANAJAN INDUNG BAPANA LAIN URANG SUNDA, TAPI TINGKAH LAKU, CARA MIKIR JEUNG HIRUP KUMBUH SAPOPOENA PERESIS SAPERTI URANG SUNDA
…
lengkepna didieu Saha ari Urang Sunda
Wawan Dec 7
aya nu kalima, lamun dihareupeun sura seuri, mani jiga kadulur sorangan. Tapi mun ditukangeun maehan, eta ge ciri urang sunda…
M. Hadian Jun 8
ciri lainna orang sunda lalakina kararasep jeung awewena garareulis…….hehehehe
Da amun lain orang sunda mah moal nagrtieun kasep jeung geulis……….
Sok atuh amun orang sunda mah tingali heula ieu:
http://airimbang.wordpress.com/sosekpol/jaman-akhir-pajajaran-migration-to-philiphines/
Kumaha tah pandapatna……..
rudem Jul 2
Muhun pisan nya kang, tapi naha atuh di tataran sunda asa beuki heurin ku budaya nu sejen nya? Para generasi ngorana oge teu apal ka budaya sunda teh…