Turunan Urang Sunda February 13
Ti Bah Abbas Amin
Dina milis urangsunda at yahoogroups titik com
Turunan ka – Hiji – Anak
Turunan ka dua – Bapa
Turunan ka Tilu – Aki/Nini
Turunan ka Opat – Buyut
Turunan ka lima – Bao tanpa K ( hehehehe )
Turunan ka genep : Udeg Udeg
Turunan ka tujuh : Janggawareng
Turunan ka dalapan : kakait siwur
Tah nu disebut sumpah tujuh turunan teh nya eta sumpah ti kakait siwur nepi ka turunan ka Hiji !
“Aing ti semet ieu Cadu tujuh turunan moal nincak ka imah si Tongtolang Nangka ! “
Tah eta teh hartina Urang Warung Peuteuy asli moal daek nincak ka imahna si Tongtolang nangka, nepi ka Putus Tujuh turunan ! Upamana nu ngomong urang Warung Peuteuy ! Da pasti 7 turunan kitu mah salembur weee eta mah.
